Kumpulan Lirik Lagu

Lirik Lagu Meupeurih Rasa - Oni Aprak


Najan paria rasana pait kacida
Tapi masih bisa di reka jeung di ropea
Ngajadi rasa

Tapi mun jalma ges nyieun hiji codeka
Pait karasana peher ges hese ubarna
Meupeurih rasa

Saperti anjeun anu teu disangka sangka
Ramah someah
Nu lungguh timpuh jauh tina rasa angkuh
Gening salingkuh

Ari suganteh rek micinta salawasna
Boro ges bagja
Anjeun kubisa nyumputkeun lampah nu salah
Dipindingan kukanyaah

Rumasa diri teu daya
Katipu kukanyaahna
Lemes alabatan sutra

Music

Tapi mun jalma ges nyieun hiji codeka
Pait karasana peher ges hese ubarna
Meupeurih rasa

Saperti anjeun anu teu disangka sangka
Ramah someah
Nu lungguh timpuh jauh tina rasa angkuh
Gening salingkuh

Ari suganteh rek micinta salawasna
Boro ges bagja
Anjeun kubisa nyumputkeun lampah nu salah
Dipindingan kukanyaah

Saperti anjeun anu teu disangka sangka
Ramah someah
Nu lungguh timpuh jauh tina rasa angkuh
Gening salingkuh

Ari suganteh rek micinta salawasna
Boro ges bagja
Anjeun kubisa nyumputkeun lampah nu salah
Dipindingan kukanyaah

Rumasa diri teu daya
Katipu kukanyaahna
Lemes alabatan sutra
==============================

Lirik Lagu Pancuran Cinta - Oni Aprak


Tah, di dieu, di jalan satapak
Urang kungsi meungkeut jangji
Bari ngumbar katresna
Mukakeun lambar carita

Tah, di dinya, di pancuran cinta
Tempat urang mapag rasa
Silih simbeuh kadeudeuh
Sangkan cinta meungkeut pageuh

Hérang caina
Gambaran cinta
Mukakeun lawang
Sagara cinta

Bulanna, béntangna, éndahna alam rasa
Bagja keur urang duaan
Langitna, mégana jadi simpay katresna
Mugia sing salamina

Bulanna, béntangna, éndahna alam rasa
Bagja keur urang duaan
Langitna, mégana jadi simpay katresna
Mugia sing salamina

Tah, di dieu, di jalan satapak
Urang kungsi meungkeut jangji
Bari ngumbar katresna
Mukakeun lambar carita

Tah, di dinya, di pancuran cinta
Tempat urang mapag rasa
Silih simbeuh kadeudeuh
Sangkan cinta meungkeut pageuh

Hérang caina
Gambaran cinta
Mukakeun lawang
Sagara cinta

Bulanna, béntangna, éndahna alam rasa
Bagja keur urang duaan
Langitna, mégana jadi simpay katresna
Mugia sing salamina

Bulanna, béntangna, éndahna alam rasa
Bagja keur urang duaan
Langitna, mégana jadi simpay katresna
Mugia sing salamina

Bulanna, béntangna, éndahna alam rasa
============================

Back To Top