Kumpulan Lirik Lagu

Teu Sangka - Abiel Jatnika

Laut .. 
Najan jeuro masih bisa diteuleuman 
Hate jalma mah gening 
Saha nu terang 
Najan de'et teu kakoet 
Anu sakitu deudeuhna teu sangka gening teu sangka 
Satukangeun teu Satia 

Anjeun .. 
Salami ieu teh meureun nyandiwara 
Kadeudeuh cintana ukur pura-pura 
Teu Jeung hate teu Jeung rasa 
Sajeuroning Deudeuh sayang hate rasa mah ngalayang 
Meulit eunteup dinu Lian 

Reff : 
Jauh-jauh ... 
Jauh Tina panyangka 
Sangka'an mah cintana ti lahir tumekaning batin 
Asih Adi gigireun 
Dina mangsa hareupeun 
Satukangeun cinta dibikeun ka deungeun

Peurih - peurih ... 
Karasa peurih sanggeus nyaho cintana Ngan saukur akon-akon 
Gening Ari gigireun dinaangsa hareupeun 
Satukangeun cinta dibikeun kadeungeun ... 
Duuh Gusti Kedah kumaha ....
=========================

Mihape - Abiel Jatnika

Mega nu geuneuk maleukmeuk 
Jeung kulawu ngawagut teu puguh laku 
Hiliwir angin ti lamping 
Nambah Kingkin sumarambah ka ieu diri 

Japati oge lir sudah hibeur tapi moal lali nepungan jangjina 
Sanajan kieu jadina cinta urang papisah ditengah jalan 
Teupi ka kieu buktina deudeuh urang ayena teu bisa manjang 
Lain kahayang - lain kahayang diri tumarima geus gurat kuduna 

Reff : 
Mihape ieu cinta ulah arek disapirakeun 
Mihape ieu tersna ulah arek di geugeuleuh 
Ngan ukur anjeun saukur anjeun nubaris anteung tina lamunan 
Sanajan anggang taya laksana diri teuteup kumatik ka asih mimiti 

Sanajan kieu jadina cinta urang papisah ditengah jalan 
Teupi ka kieu buktina deudeuh urang ayena teu bisa manjang 
Lain kahayang - lain kahayang diri tumarima geus gurat kuduna 

Reff : 
Mihape ieu cinta ulah arek disapirakeun
Mihape ieu tersna ulah arek di geugeuleuh 
Ngan ukur anjeun saukur anjeun nubaris anteung tina lamunan 
Sanajan anggang taya laksana diri teuteup kumatik ka asih mimiti
=====================================

Lirik Lagu Naha Salah - Abiel Jatnika

Naha salah
Lamun kuring mikacinta
Kuringmah da anu kuring
Baturmah pan anu batur
Moal bisa diaku ku kuring

. Mémang karasa rumasa
Nteu bisa dibohongan
Rasa cinta kamanéhna
Nu henteu leungit ku wanci

. Leueur arék kundang iteuk
Poék arék kundang damar
Arék nganjang kamanéhna
Nujadi pujaan ati

. Kedal jangji anu suci
Moal rék kaendag lini
Kedal cinta nuharita
Moal rék laas kumangsa
=======================

Back To Top